Monday, November 18, 2019

√ Soal Bahasa Sunda kelas 5 semester 1 Lengkap Terbaru


Soal UTS / PTS Bahasa Sunda untuk kelas 5 semester 1. Terdiri dari 20 soal Pilihan Ganda 
                                    HOMÉ INDUSTRI ROTAN PLUMBON
      Lamun di nagara maju seperti Jepang motor ogé geus jadi homé industri. Kumaha di Indonésia? Keur di Indonesia hususna di Cirebon homé industri téh kalolobanna bagerak dina kerajinan tangan. Kerajinan tangan nu aya di Cirebon memang loba rupana.
     Husus di daérah plumbon aya kerajinan anu dikelolana di imah-imah sewangan-sewangan (homé industri). Bentuk karajinan tangan na téh mangrupa ngokolakeun rotan (hoe) jadi korsi, meja, rak baju, wadah seuseuheun, kotak maénan budak, wadah sésérahan kawinan, jrrd.
Saliwatan mah siga nu babari nyien ieu karajinan téh. Sok padahal ieu karajinan téh memerlukeun kaahlian husus nya éta nganyam hoe geus meunang nyebitan leutik-leutik. Masarakat satempat kalolobaanan mah nyieun nepi ka jadi bentuk karajinan. Saterusna disérénkeun ka Bos-bos rotan nu masarkeun ka luar daérah jeung ka luar negeri.
      Kurang-kurangna sabaran mah nganyam rotan téh matak seunggah. Rék teu kitu kumaha tina sapoé jeput téh paling banter meunang opat siki Karanjang. Kitu gé karanjang nu bentukna laleutik.
      Panghasilan tina ieu karajinan téh teu sabaraha. Tapi bisa pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé di éta lingkungan masarakat. Ceuk salah saurang pangrajin tamba kesel jeung nganggur di imah cenah.


A. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap paling bener!
1. Di Jepang mah nyien motor ogé geus jadi homé industri. Éta kalimah téh aya dina paragraf ka …
a. Hiji
b. dua
c. tilu
d. opat

2. Karajinan nu dijieun tina rotan nurutkeun wacana di luhur nya éta, iwal …
a. Korsi
b. meja
c. rak baju
d. asbak

3. Nyienkarajinan tangan tina rotan merlukeun …
a. kaahlian husus
b. keahlian husus
c.kabiasaan husus
d. kamonésan husus

4. Tina sapoé jeput pangrajin meunang … karanjang.
a. Dua
b. tilu
c. opat
d. lima

5. Ieu dihandap anu teu kaasup kana kaulinan barudak, nyaeta……
a. Babandringan
b. sasalimpetan
c.jajampanaan
d. peurem hayam

6. Kecap barang anu teu aya didapur nyaeta…..
a. TV
b. panci
c.Katel
d. kompor

7. Kecap barang anu nuduhkeun sasatoan anu sukuna opat nyaeta…….
a. Oray
b. titinggi
c.Hileud
d. ucing

8. Ieu dihandap anu teu kaasup kalimah pangajak nyaeta …
a. Jung atuh geura nyumput!
b. Hayu rek miluan sondah!
c. Yu urang jajan hela!
d. Urang oray-orayan yu!

9. “Rani ngajak Wati kerja kelompok”
Robah kalimah dilihur jadi kalimah pangajak!
a. “Wat, Ran, Urang kerja kelompok, yu!’
b. “Wati urang kerja kelompok, yu!” ceuk rani.
c. “Rani urang kerja kelompok, yu!” ceuk Wati.
d. “Wati jeung Rani keur kerja kelompok”

10. Oray naon nu aya dina kakawihan Oray-orayan teh?
a. Oray sawah.
b. Oray laut.
c. Oray bungka
d. Oray welang

11. Kecap kedul hartina…………
a. Getol
b. Males
c. Eraan
d. Bodo

12. Alat kasenian anu dijiieun tina awi, disadakeunana ku cara di oyag-oyag, disebutna…
a. Suling
b. Kacapi
c. Angklung
d. Rebab

13. Kecap pananya “sabaraha dipakena “ pikeun nanyakeun…………..
a. Kaayaan
b. Jumlah
c. Plihan
d. Tempat

14. Nu dimaksud guru wilangan dina pupuh nyaeta………….
a. Jumlah enggang/suku kata dina tiap padalisan
b. Jumlah baris dina pupuh
c. Sora dina enggang/suku kata panungtung dina tiap pada lisan
d. Jumlah juru kawihna

15.
He barudak kudu hirup rempug jukung,
Jeung pada batur ngahiji,
Samiuk jeung dulur-dulur,
Teu binarung goreng pikir,
Komo bari olo-olo’

Jumlah padalisan pupuh diluhur nyaeta…………….
a. 3 padalisan
b. 5 padalisan
c. 7 padalisan
d. 4 padalisan

16. Jumlah guru wilangan dina padalisan kahiji aya………
a.12
b. 8
c.7
d.6

17. Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan kahiji nyaeta………
a. 12-u
b. 8-i
c. 8-u
d. 8-o

18. Ari nu disebut padalisan dina pupuh sarua hartina jeung……………
a. Paragrap
b. Bait
c. Jajaran
c. Kalimah

19. Hartina rempug jukung nyaeta…………….
a. Gotong royong
b. Papaseaan
c. Satahap
d. Tentrem

20. ”Teu binarung goreng pikir” goreng pikir saharti jeung kecap…….
a. Hasud
b. Sabar
c. Nyaah
d. Sieun