Thursday, November 14, 2019

√ Soal PTS kelas 2 Bahasa Sunda semester 1 Lengkap Terbaru


Soal UTS / PTS kelas 2 Bahasa Sunda semester 1 
I.    Cakra (x) a, b, atawa c dina jawaban nu bener !

1. Bapa nembe………………ti kantor
    a. balik                         b. mulih                      c. angkat

2. Lamun gering urang lalandong ka ……
    a. dokter                      b. guru                         c. polisi

3. Dahar urang kudu …… gizi
    a. kurang                     b. saeutik                     c. cukup

4. Dahar ……………. gizi bisa geringan
    a. kurang                     b. loba                         c. cukup

5. Kalsium gunana pikeun nguatkeun……
    a. daging                     b. tulang                      c. otot

6. Conto kabiasaan sapopoe anu alus nyaeta…..
    a. diajar sing suhud                 b. sare peuting             c. lalajo telepisi terus-terusan

7. Hudang sare anu alus nyaeta jam ……isuk
    a. lima                          b. tujuh                        c. dalapan

8. Isuk-isuk kudu sarapan, supaya diajar jadi…..
    a. poho                         b. hésé                         c. sumanget

9. Urang diajar teh neangan …..
    a. duit                           b. elmu                        c. babaturan

10. Ulah sok ………didinya batur gandengeun !
    a. gogorowokan           b. gorowok                  c. gorowok-gorowok

11. Bu Yuli nuju tuang, harti bahasa indonesiana nyaeta …
    a. Bu Yuli sedang makan      b. Bu Yuli sedang tidur     c. Bu Yuli sedang pergi

12. Bapa ngosok waos, abdi ngosok …
    a. gigi     b. huntu      c. waos


13.  Hilman diuk dina …





    a. korsi   
    b. meja 
    c. lomari





14. Gian nganggo  ....jeung ....

   
   a. topi jeung dasi
   b. seragam jeung dasi
   c. tas jeung dasi





15. Buku dicekel ku…..
   a. Sampean
   b. Pangambung
   c. Panangan

Pananya nomer 16-20dumasar kana ieu bacaan

Rudi Gering

Geus opat poe Rudi gering katarajang panyakit tipes. Awakna panas nyebret, tur teu daek barangdahar.Waktu dipariksa ku dokter, Rudi dititah dirawat di rumah sakit. Di rumah sakit, Rudi diinpus sarta kudu terus ngagoler. Babaturan Rudi daratang ngalongok ka rumah sakit, tapi teu meunang lila, lantaran Rudi kudu loba reureuh.

16. Rudi katarajang panyakit…..
   a. Bisul
   b. Tipes
   c. Asma

17. Rudi kudu …… di rumah sakit.
   a. Dirawat
   b. Disarekeun
   c. Disuntik

18. Saha nu mariksa Rudi teh?
   a. Bidan
   b. Dokter
   c. Perawat

19. Saha nu ngalongok Rudi teh?
   a. Ibu guru
   b. Babaturanna
   c. Uwana

20. Naon sababna anu ngalongok Rudi di rumah sakit teu meunang lila?
   a. Lantaran tempatna heurin
   b. Lantaran Rudina embung dilongok
   c. Lantaran Rudi kudu loba reureuh



Kunci Jawaban

1. B
2. A
3. C
4. A
5. B
6. A
7. A
8. C
9. B
10. A  
11. A
12. B
13. A
14. B
15. C
16. B
17. A
18. B
19. B
20. C