Saturday, November 16, 2019

√ Soal Ulangan Harian Bahasa Sunda kelas 5 Pangajaran 7

SOAL ULANGAN BAHASA SUNDA-MASOYIT


Soal tematik  bahasa sunda pikeun kelas 5 teu kenging di sebar luaskeun deui di internet, mangga upami bade Nyalin kanggo ulangan murang kalih bapak/ibu di sakolah. haturnuhun kana perhatosanna. 

Pilih jawaban nu bener antara a, b, c, atau d                             
leuwih hadé teu meunang kembang lili ti batan ditinggalkeun ku putrana nu ampir maot rék katabrak mobil. Ahirna, Fajar jeung                              …………………
Fajar jeung Putri hayang méré hadiah kembang lili ka indungna, Bu Surya. Tapi hargana mahal. Fajar jeung Putri kaidéan di jajalaneun ti imahna ka sakola, aya imah nu di buruanana aya tangkal lili. Duanana boga niat rék metik kembang lili di buruan éta imah. Basa keur ngala kembang, nu bogana kaluar. Fajar jeung Putri lalumpatan meuntas jalan, ampir katabrak mobil. Datang ka imahna, kembang lili beunang metik ti buruan imah batur téh, dibikeun ka Bu Surya.
Aya tatanggana Bu Surya nu ngabéjakeun kajadian Fajar jeung Putri nu metik kembang batur jeung rék katabrak mobil. Duanana diwurukan ku Bu Surya yén metik kembang batur téh kalakuan goréng. Kitu deui, Bu Surya Putri ménta dihampura ka Bu Surya sarta moal
milampah kalakuan nu salah deui saperti kitu.

1.Naon judul nu pas kanggo carpon diluhur ?
a. kembang lili kanggo ibu
b. kembang lili kanggo bu surya
c. kembang lili kanggo putri
d. kembang mawar kanggo ibu.

2.saha ngaran palaku nu teu aya dina carpon di luhur?
a. fajar
b. bapak surya
c. putri
d. bu surya

3. carpon di luhur ngandung tema …
a. kamasyarakatan
b. persahabatan
c. cinta
d. moral

4. dihandap ieu latar nu eweuh dina carpon di luhur nyaeta …
a. jalan
b. imah 
c. warung
d. sakola

5. dihandap ieu nu lain kaasup unsur carpon nyaeta  ….
a. téma
b. palaku,
c. galur carita
d. simpulan

6. carita anu mémang ukuranana pondok, jalan caritana henteu loba babagianana, waktu kajadianana henteu lila, sarta jumlah palakuna ogé saeutik disebut ..
a. dongeng
b. legenda
c. carpon
d. bewara

7. gambaran lalampahan carita ti awal nepi ka ahir disebut …
a. téma
b. palaku,
c. galur carita
d. latar

8. nu lain kaasup kana latar nyaeta..
a. waktu
b. tempat
c. suasana
d. tokoh 

9. Jajang téh ________, jangkungna ngan 1,30 cm.
a. pangpinterna
b. pangsonagarna
c. pangpendekna
d. pangjangkungna

10. Lantaran ________, Éni téh dipikanyaah ku indungna
a. pangbageurna
b. panggancangna 
c. pangpendekna
d. pangjangkungna

jawab soal di handap ieu !
1. Kabiasaan ngabuburit téh biasana dilaksanakeun dina bulan ……
2. diwidian = ……………………
Abdi diwidian wangsul ti sakola margi udur.
3. hanaang = ………………………………
Ku margi olah raga di nu panas waé, abdi jadi hanaang
4. “Kawitna pisan mah, pédah Aki sedep ………... Janten, kedahna mah jalmi téh ulah ngaroko. Haseup roko téh lami-lami mah bakal ……….. paru-paru,
5.  pesan nu hayang ditepikeun ku
pangarang ka nu macana.disebut ……