Monday, November 18, 2019

√ Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 6 semester 1 Lengkap Terbaru


Soal UTS / PTS penilian tengah semester kelas 6 semester 1 kurikulum 2013

I. Prak kuhidep cakraan(X)dina huruf a,b,c atawa d dihareupeun jawaban anu bener!

1. Pun bapa mah karesepna maca koran,benten sareng pun biang anu karesepna ngadangukeun radio.Béjanu katarima tina koran,radio atawa televisi disebutna...
a. Amanat         
b. Piwuruk        
c.Béwara       
d. Warta

2. Basa acara perpisahan kelas 6 Aris kabagean tugas nyarita hareupeun balarea.Nyarita di hareupeun balaréa-umum disebutnya...
a. ngadongéng
b. biantara 
c. sempalguyon
d. Sanéwara

3. Anu mimiti di ucapkeun ku Aris basa manehna biantara diluhur panggung nyaeta.......
a. Panutup
b. Eusi biantara
c. Salam bubuka
d. Amanat

4. Jang Ardimah budakna sok béar budi.Matak dipikaresep kusasaha. Sasaruaan béar budi nyaéta...
a. marahmay
b. jamedud
c. tetelepék
d. bacéo

5. Ari leumpangteh Nandar mah meni dudupak.Kecap dudupakkaasup kecap rajékan dwipurwa, conto lain kecap rajekan dwi purwa ..........
a. sumpang-simpang
b. sésépak
c. dar-dér-dor
d. rupa-rupa

6. Boboko dicandakna kuambu,aseupanmah wios............ ku abdi.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta...
a. dibawa
b. dibantun
c. dicokot
d. diangkut

7. Neng Yuyun mah kawas hayam keur endogan basa ngantosan Rama na mulih ti kota.Paribasa kawas hayam keur endogan hartina...
a. tenang taya kasieun
b. aya kahayang,tambah aya nu ngajak
c. mupuas kanu keur cilaka
d. Teu daek cicing lantaran hate geus teu sabar

8. Jadi budakmah kudu nurut kana parentah guru sabab gurumah gaganti kolot urang di sakola. Gaganti kolot urang disakolateh nyaéta...
a. ketua murid
b. babaturan
c. penjaga sakola
d. guru

9. Pun bapa mulih tiJakartana dinten kamari,Abdimah badé...dintenayeuna.
a. balik
b. miang
c. mulih
d. wangsul

10. Kuringtéh...amanat ku Ema keur ka Mumun.
a. titipan
b. katitipkeun
c. katitipan
d. titipkeun

11. Conto kalimah nu eusina naséhat/piwuruknyaéta...
a. “Anisa mah budak akur jeung batur.”
b. “Urang hirup didunyatéh kudu akur jeung batur!”
c. “Budak éta mah musuhna meuniloba.”
d. “Cing Ujang,pangmeulikeun céngék kawarung!”

12. Jadi budakmah kudu hampang birit.Méh loba numikaresep.
Hampang birit hartina nyaéta...
a. daékan dititah
b. kedul
c. mumul
d. basajan

13. Sanajan boga harta banda loba,Jang Teguh mah tara asa aing uyah kidul. Sasaruaan kecap di luhurnyaéta...
a. sarakah
b. adigung
c. royal
d. basajan

14. Dupi néng Dinatéh(terap) panyawat naon?
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta...
a. katerap
b. diterap
c. nerap
d. panerap

15. Sato anu katelah loba akal tur bijaksana nyaéta...
a. munding
b. gajah
c. monyet
d. uncal

16. Pak Odi nuju ngadamel bedog di Mang Karta. Jalma nu sok nyieun parabot tina beusi disebut...
a. Pamayang
b. Panday
c. Kabayan
d.Kuncen

17. Neng Titin mah keur geulis teh pinter .Sabalikna kecap pinter nyaéta...
a. Bageur
b. Getol
c. Bodo
d. Bener


18. Mang Dadang gaduh murangkalih tilu,anu cikal namina jang Fahmi.Harticikalnyaéta...
a. Anak kahiji
b. Anak kadua
c. Anak uwa
d. Anak batur

19. Depi,Silvia sareng Lilis gaduh tugas ngawawancara bah Ading tukang es cendol di lemburna.Saha nu jadi narasumber dina kalimah di luhur?
a. Depi
b. Silvia
c. Lilis
d. Bah Ading

20. Barang miang tiimah,Jang Agus geus iatmanéhnakudugetoldiajarsangkanjadijalmajunun. Harti kecap jununnyaéta...
a. Bener
b. Bageur
c.Sukses
d. Getol