Wednesday, November 6, 2019

Susunan acara isro miraj dengan bahasa sunda (Baik & Benar)


SUSUNAN ACARA
Isro Miraj (dengan bahasa sunda)



AssalamualaikumWr. Wb

Bismillahirahmanirahim.
Alhamdulillahi robilalamin
wabihi nastainu a’la umuri dunya waddin wa’la alihi wasohbihi ajmain. Amma ba’du.

Langkung tipayun sumangga urang manjatkeun Puji sinareng syukur ka gusti anu maha suci Allah SWT, anu parantos masihan nikmat iman sareng nikmat kasehatan dugika urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangemut – ngemut dinten Isra Mi’raj kanjeng Nabi Muhammad SAW

Solawat sinareng salam mugia tetep ngocor ka jungjungan urang,
kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, sohabat – sohabatna, tur dugika urang salaku umatna.

Simkuring di payuneun para hadirin sadaya wireh ka pancenan salaku panata calagara seja ngadugiekun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, diantawisna :
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al – Qur’an
3. Sambutan ti Bapa ust .......
Sambutan ti Bapa ketua .....
Sambutan ti Bapa perwakilan kecamatan
4. Tawasul ust .......
5. Tausyiah bapak ........
6. Do’a / Penutup

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan

Bismillahirohmanirrohim
Acara kadua, maos ayat suci Al – Qur’an.
Kanggo Bapak ..............mangga di haturanan

Mc : Haturnuhun Kanggo bapak ........ anu parantos ngaoskeun ayat suci Al – Qur’an

Nincak kana acara katilu, sambutan ti bapa ....... salaku ti pengurus DKM ....
MC : Haturnuhun

salejengna sambutan ti ketua MUI ..................

Mc: Haturnuhun ka kersana ---anu parantos ngadugikeun pamapagna

Kana acara kaopat nyaeta tawasul. Sumangga Bapak......
waktos sinareng tempat disayogikeunnyaeta tausiah nu bade di dugikeun ku bapak.......

MC : Haturunuh ka kersana bapak Ustad anu parantos ngadugikeun tausyiahna

Kana acara terakhir, nyaeta panutup.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdallah sasarengan
Alhamdulillahirobila’lamin

Rupina sakitu anu kapihatur, Simkuring ngahatuirkeun nuhun ka rengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.
Hapunten bilih aya kalepatan ti simkuring
Billahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr. wb