Kanggo bapa ibu atawa barudak anu milarian soal latihan bahasa Sunda kelas 6 semester 2 lengkap, di dieu geus abdi sediakun gratis. Bade di serat dina buku mangga, bade diprint oge tiasa.
Sok mangga ditingali soal latihan bahasa Sunda kelas 2 di handap ieu.
Soal Bahasa Sunda Kelas 6 Kurikulum 2013
Baca sing taliti pikeun ngajab soal no. 1 - 5
Demam Berdarah Sani : “Wilujeng siang, Bu Dokter!” Dokter :
‘Wilujeng siang’ Ardi : Nepangkeun Bu, wasta abdi Ardi. Abdi
sareng rerencangan kenging pancen ti
sakola kedah ngawawancara ibu, ahli kasehatan Sani : “Pami abdi Sani” Dokter : “Nya. Mangga atuh kalebet!”
Nepangkeun ibu teh Dokter Kusmayanti.” Sani : “Abdi sareng rerencangan gaduh
pancen, pancen na mah ngawawancara Ibu
perkawis demam berdarah Dokter :
“Mangga atuh urang kawitan. Kieu barudak demam berdarah teh hiji panyawat
endemik nu gampil narekabna. Diakibatkeun ku reungit aedes aegypti.
Rupina belang coreleng, biasana nyocona teh beurang, ieu reugit teh
bahaya
kacida. Margi lian ti hirup di tempat kotor, tiasa oge hiruf di
tempat nu bersih Ardi : “Kumaha ciri-cirina jalmi nu katerap
demam berdarah teh? Dokter :
“Ciri-cirina demam, salesma, batuk, rieut, nyeri otot, utah-utahan. Upami tos parna sok disarengan
ku keluaran getih, tina sabulu-bulu atawa
mimisan
Dicutat tina Pangrumat Basa Sunda Pikeun murid kelas V
I.
Cakra (X) aksara A, B, C, dan D diharepeun jawaban anu
bener!
1.
Bagian
bacaan di luhur ka asup conto tina . . .
.
A.
Biantara C. Prosa
B.
Puisi
D. Wawancara
2.
Jéjér
pangjetre/poko-poko caritaan tina bacaan di luhur nyaéta . . . .
A.
Ciri-ciri
panyakit bahaya
B.
Demam
berdarah panyakit nu bahaya gampil nerékabna
C.
Ngawawancara
Dokter Puskesmas
D.
Pentingna
kasehatan di lingkungan
3.
Anu
jadi narasumber dina bacaan di luhur nyaéta . . . .
A.
Ardi C. Dokter
B.
Sani
D. Sakola
4.
Panyawat
Demam Berdarah téh diakibatkeun ku . . . .
A.
Reungit
malaria C. Laleur
B.
Reungit
aedes aegypti D. Beurit
5.
Kecap
sawandana/sinonim tina kécap nepangkeun nyaéta . . . .
A.
Ningalikeun C. Ngenalkeun
B.
Nyoncokeun D. Ngawartoskeun
6.
Pangmeulikeun
béas ka warung
Tanda baca anu bener keur kalimah di luhur nyaéta . . . .
A.
? B. : C. ; D. !
Bacaan di handap pikeun
ngajawab soal 7 dugi ka no. 9
Pa Odi teh pacabakanana dagang kadaharan. Isuk-isuk
dagang bubur ayam. Pasosoré dagang nasi goreng. Dagang na téh maké roda
didorong
7.
Palaku
dina carita di luhur nyaéta . . . .
A.
Ayam
C.
Roda
B.
Pa
Odi D. Nasi goreng
8.
Kalimah
pananya di handap ieu cocok luyu jeung carita di luhur iwal ti . . .
A.
Naon
pacabakan Pa Odi teh? C.
Kumaha cara dagangna?
B.
Iraha
Pa Odi dagangna? D. Jeung saha dagangna?
9.
Pa
Odi pacabakanana dagang kadaharan
Pacabakan hartina . . . .
A.
Dicabakan C. didagangkeun
B.
Pagawean
D. Panyabaan
10.
Bubur
ayam nyaéta . . . .
A.
Bubur
béas keur parab hayam. C. Bubur sésa parab hayam.
B.
Bubur
béas kabeuki hayam. D. Bubur béas nu dicampur daging hayam.
11.
Di
rohangan kelas V barala. Pamanggih hidep tina pasoalan bieu nyaéta . . . .
A.
Antepkeun
wé da geus biasa barala!
B.
Kelas
nu sok barala nyababkeun diajar kurang marenah
C.
Kaayaan
sakola barala tanggung jawab panjaga
D.
Urang
mah rek diajar lain nguruskeun kelas nu barala
12.
Kécap
nu kasaup serepan tina basa Indonesia nyaéta . . . .
A.
Kapala,
penting, pangumuman C. Dahar, sare, nyarios
B.
Banjir,
ngalongok D. Barita, bakar, ajenan
13.
Sakitu
beunghar Pa Karta mah cap jahé pisan. Cap jahé hartina . . . .
A.
Loba
kebon jahé C. Medit tara barang béré
B.
Beuki
kana jahé D. Pépéréngkélan kawas jahé
14.
Resa,
bala-bala téh didahar kabéh? Dasar . . . .
A.
Si
aspal C. Si paser
B.
Si
rewog D. Si jalak harupat
15.
Wartawan
: . . . .
Pa Odi :
“Panghasilan abdi dina sasasihna teutangtos
Pananya anu luyu keur ngalengkepan wawancara di luhur nyaéta
. . . .
A.
Di
mana icalan anu hasilna ageung?
B.
Kanggo
naon panghasilan, Bapak téh?
C.
Sabaraha
panghasilan Bapa sasasihna icalan bubur?
D.
Di
kasahakeun panghasilan Bapa, tiap sasihna?
16.
Kalimah
di handap nu merenah keur ngawawancara atlet sepak bola nyaéta . . . .
A.
Kumaha
cara miara domba téh?
B.
Kumaha
ciri-cirina jalmi nu katerap demam berdarah téh?
C.
Tos
sabaraha kali akang meunangkeun kajuaraan sepak bola?
D.
Tos
sabaraha lami akang icalan bola?
Bacaan di handap pikeun
ngajawab soal 17 sareng 18
Sabada ngabsen, Pa Bukhori ngawulang perkara silih
ajenan jeung sasama jalma. Saur Pa Bukhori “Silih ajenan sareng rerencangan
di kelas, atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama”. Ari tatakrama téh
rupi-rupi. Aya tatakrama dina nyarios, dina tuang, waktos natamu jeung nu
sanesna deui. Tatakrama teh peryogi dina hirup kumbuh sadidinten, margi ku
ayana tatakrama urang bakal silih ajenan.
17.
Eusi
tina bacaan di luhur nyaeta nyaritakeun
. . . .
A.
Pa
Bukhori ngawulang sabada ngabsen.
B.
Perkara
silih ajenan jeung sasama jalma.
C.
Ari
tatakrama teh rupi-rupi.
D.
Tatakrama
teh peryogi dina hirup kumbuh di lembur.
18.
Rupi-rupi
tatakrama anu ditataan dina bacaan di luhur nyaéta . . . .
A.
Tatakrama
leumpang, tatakrama nyarios, tatakrama saré
B.
Tatakrama
nyarios, dina tuang, waktos natamu
C.
Tatakrama
dijalan, dikelas, disakola
D.
Tatakrama
dina hirup kumbuh
19.
Karangan
anu eusina ngagambarkeun hiji hal atawa barang ku caritaan disebut karangan . .
. .
A.
Deskripsi C. Eksposisi
B.
Argumentasi
D.
Narasi
Bacaan
di handap pikeun ngajawab soal 20
Delman jeung beca téh kaasup alat patalimarga anu
masih aya di lingkungan urang. Alat patalimarga delman kaasup alat
patalimarga tradisional.
20.
Hartina
alat patalimarga nyaéta alat . . . .
A.
Tranportasi
C. Komunikasi
B.
Silaturahmi
D. Sanitasi
21.
Bacaan
anu nyaritakeun délman, kaasup . . . .
A.
Narasi C.
Dekripsi
B.
Argumentasi
D.
Persuasi
22.
Anu
kudu diperhatikeun waktu urang macakeun puisi
nyaeta di handap ieu iwal ti . . . .
A.
Sora
jeung lentongna C.
Ngalenyepan
B.
Rengkakna,
paroman D.
Gambar nu aya dina sajak
Bacaan di handap pikeun
ngajawab soal 23
Dititik dirasa-rasa Lembur kuring teh teuing ku endah Upluk aplak pasawahan Matak betah tumaninah
23.
Eusi
puisi di luhur ngebrehkeun kaayaan
A.
Perasaan
urang C. Kasedihan haté kuring
B.
Kaayaan
lembur kuring D. Indit ti lembur
(1)
Rakit
dijieunana tina sababarah awi nu parayang nu dijajar-jajar
(2)
Ngaran
alatna patalimarga teh rakit
(3)
Situ
bangendit katelahna ku kaendahan jeung kaasrian alamna
(4)
Cara
ngajalankeunnana ku nojerkeunawi panjang kana jero situ
(5)
Di
Situ Bagendit urang bisa tumpak salah sahiji alat patalimarga tradisional
24.
Runtuyan
kalimah nu merenah supaya jadi paragraf logis tina kalimah di luhur nyaéta . .
. .
A.
5,
3, 2, 4, 1 C. 3, 5, 1, 2, 4
B.
5,
3, 4, 2, 1 D.
3, 5, 2, 1, 4
25.
oki
jeung lanceukna rek ngusep di situ bagendit
Kalimah anu luyu jeung bener ejahanana nyaéta . . . .
A.
Oki
jeung lancekna rek nguseup di Situ Bagendit
B.
Oki
jeung lancekna rek nguseup di situ bagendit
C.
oki
jeung lancekna rek nguseup di situ Bagendit
D.
oki
jeung lancekna rek nguseup di Situ Bagendit
II. Eusian
titik-titik di handap ieu!
26.
Jalma
anu ngajentrekeun atawa mere katerangan dina wawancara disebut . . . .
27.
Mesin
cuci tombolna aya tilu siki
Nu kasup kecap bilangan dina kalimah di luhur nyaéta . .
. .
28.
Mang
Eki meuli sapi salikur
Kécap sapi ka asup conto kécap . . . .
29.
Sadidinteun
teh kedah hirup . . . upama wae di bumi teu kenging rantuy anggoan kedah
ditilepan
Kécap nu merenah
pikeun ngalengkepan caritaan di luhur nyaéta . . . .
30.
Barudak
kelas lima ari teu aya guru téh gandeng kawas jogjog . . . .
31.
Kécap
dokter, disuntik jeung vitamin, kaasup conto istilah . . . .
32.
Pupuh
mijil, wirangrong jeung balakbak, kaasup pupuh . . . .
33.
Mesat
kapung putra sang Arimbi
Guru lagu jeung guru bilangan tina baris kahiji pupuh
mijil nyaéta . . . .
34.
Bakat
ku geus capé tas olah raga kuring . . .
we saré
35.
Numawi
abdi ngintun serat téh, ngawartosan minggu payun abdi bade
wangsul kumargi sakola peré.
Kalimah di luhur kaasup bagian . . . surat
III.
Jawab pananya di handap ieu!
36.
Naon
wae nu kudu ditangtukeun samemeh urang rék wawancara
...............................................................................................................................
37.
Deskripsi
gambar nu aya digigir ieu!
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
38.
Peuting
eta téh murid SD. Bojongsoang 1 rék pariknik ka Taman Sapari di Bogor. Ngahaja
arindit téh subuh, ngarah datangna ka anu dijugjug isuk-isuk
Jieun
2 kalimah pananya tina paragraf di luhur!
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
39.
Poé
ahad isuk-isuk, dhafa jeung eki jalan-jalan ka tegallega. balikna meuli goréng
bala-bala jeung cireng, ari nu dagangna téh pa sandi, tatangga dhafa di
dayeuhkolot.
Salin
carita di luhur sarta benerkeun ejahanana!
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
...............................................................................................................................
40.
Tulis
kalimah utama tina paragraf di handap!
Pasar biasana jadi tempat pamungpungan jalma. Katingalina
ku urang hareurin, rarupek, barau jeung barécék. Di pasar modél kieu ramé ku nu
rebut tawar. Pasar modél kitu disebutna pasar tradisional.