Tuesday, November 23, 2021

45+ Soal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA/SMK

45+ Soal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA/SMK - Hai adik adik yang baik, bagaiamana nih kabarnya, semoga selalu sehat ya, kali ini kakak ingin memberitahukan bahawasanya kakak telah selesai menyusun soal soal Ulangan Akhir Semester dan Ulangan Tengah Semester, salah satunya dari mata pelajaran Bahasa Sunda untuk adik adik yang duduk dibangku kelas 10 SMA dan SMK, soal ini terdiri dari soal pilihan ganda dan soal essay. Selamat mengerjakan ya. Semangat!!


45+ Soal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA/SMK

45+ Soal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA/SMK- Bagi Adik adik dimana saja berada yang ingin sekali mempelajari soal pas bahasa sunda kelas 10 ini, adik adik bisa menguduh materi ini di BangSoal dalam bentuk file doc. 


Berikut ini adalah rincian soal pas bahasa sunda kelas 10.


Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 2

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.
1. Paragrap di luhur ka asup kana..…
a. Panutup biantara
b. Bubuka jeung panutup biantara
c. Eusi biantara
d. Bubuka jeung eusi biantara
e. Bubuka biantara

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
2. Paragrap di luhur ka asup kana …….
a. Panutup biantara
b. Bubuka jeung eusi biantara
c. Bubuka jeung panutup biantara
d. Bubuka biantara
e. Eusi biantara
3. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
a. ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b. ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c. nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d. ngahaturnuhunkeun ka para bapa jeung ibu guru
e. ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

4. Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a. sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b. nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c. nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d. ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
e. ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara

5. Struktur biantara anu bener nyaeta…..
a. salam pamuka, mukodimah, jeung eusi
b. bubuka, eusi jeung panutup
c. bubuka, eusi jeung salam panutup
d. salam pamuka, eusi jeung salam panutup
e. salam panutup, bubuka jeung eusi

6. “Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”
a. Ka tukang
b. ka payun
c. ka pengker
d. ka warung
e. ka hareup
7. Dinten jumaah kamari  Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung.
a. Paéh
b. palastra
c. perlaya
d. maot
e. pupus
8. “Pa, neda widi abdi ka Koperasi heula badé….pulpen!”
a. meuli
b. jajan
c. mésér
d. nganjuk
e. ngagaleuh
9. Jalma anu pinunjul atawa ahli dina biantara sok disebut….
a. orasi
b. organisator
c. orator
d. demonstrator
e. operator
10. Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….
a. didéngé
b. ngadéngé
c. didéngékeun
d. ngadéngékeun
e. kadéngé

11. Presiden Indonesia anu kawentar ahli dina biantara nyaéta……
a. Ir. Soekarno
b. K.H. Abdurahman Wahid
c. Soeharto
d. Megawati
e. BJ Habibi

12. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a. sadérék
b. pangersa
c. déwék
d. salira
e. simkuring

13. Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a. sadérék
b. silaing
c. salira
d. énté
e. anjeun

14. “Punten dupi ……Bapa teh saha?”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a. ngaran
b. jenengan
c. wasta
d. salira
e. nami

15. “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a. ceuk
b. sanggem
c. saur
d. cenah
e. ngabéjakeun

16. Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a. Pun ibu
b. pun biang
c. pun mamah
d. pun mimih
e. pun indung

17. Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….
a. tuang anak
b. tuang mantu
c. tuang putra
d. tuang rayi
e. tuang raka

Dadang : Mulih ti mana ieu téh?
Deden :  ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Dadang : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?
Deden : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.
Dadang : Kutan.
18. Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?
a. ngabenerkeun KTP
b. neangan KTP
c. menta KTP
d. leungit KTP
e. meuli KTP

19. KTP saha anu keur dibenerkeun ku Deden téh?
a. pun bapa
b. pun biang
c. pun bibi
d. pun uwa
e. pun aki

20. “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..
a. wangsul
b. dongkap
c. datang
d. mulih
e. mios

21. ᮎᮤᮊᮛᮎᮊ᮪ ᮔᮤ ᮀᮌᮀ ᮘᮒᮥ
a. cikaracak ninggang batu
b. cikaracak laun-laun jadi batu
c. cikaracak ninggang kana batu
d. lila-lila jadi legok
e. cikaracak ninggang bata

22. ᮕᮥᮔ᮪ ᮃᮊᮤ 
a. pun bapa
b. pun biang
c. pun mamah
d. pun aki
e. pun adi

23. Hampang birit
a. ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪
b. ᮠᮥᮙᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪
c. ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮥᮛᮤᮒ᮪
d. ᮠᮃᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪
e. ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮥᮒ᮪
24. Babaturan
a. ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪
b. ᮘᮘᮒᮤᮛᮔ᮪
c. ᮘᮘᮒᮥᮛᮃᮔ
d. ᮘᮘᮒᮨᮛᮔ
e. ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ

25. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮔᮥᮏᮥ ᮅᮏᮤᮃᮔ᮪
a. abdi nuju ulangan
b. abdi nuju ujian
c. abdi nuju semesteran
d. abdi badé ujian
e. Andi bade ulangan

26. Dina aksara sunda angka 7 sawanda jeung aksara......
a. sa
b. ra
c. la
d. ga
e. ya

27. Tanda vokalisasi pangwisad digunakeun dina nuliskeun kecap.......
a. gagak
b. gajah
c. gading
d. kuda
e. laleur  
28. ᮙᮧᮒᮧᮁ ᮃᮜᮤ
a. mator aki
b. motor ali
c. motor abdi
d. motor abi
e. motor adi

29. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. panglayar
b. panyecek
c. paneleng
d. paneuleung
e. pagwisad
30. Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wanguna jeung.......
a. ma
b. ya
c. ta
d. nya
e. wa

31. Akasara ngalagena /ta/ mirip wanguna jeung aksara ngalagena....
a. ya
b. za
c. ba
d. nya
e. qa

32. Rarangkén atawa pananda vokalisasi nu disebut panyiku gunana pikeun nambahan sora.....ditengah-tengah akasara ngalagena tur ditempatkeunana handapeun aksara ngalagena.
a. /-y-/
b. /-r-/
c. /-l-/
d. /-h/
e. /u/

33. Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaéta....
a. panéléng
b. pamepet
c. pangwisad
d. panolong
e. pamaéh patén

Wacana Biografi 
Ti Kebon Kana Carpon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. 
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.
Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep
nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.
Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi
jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar. 
Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.

34. Cecep Burdansyah lahir di……
a. Ciwidey, 22 September 1963
b. Ciwidey, 25 September 1963
c. Ciwidey, 23 September 1963
d. Ciwidey, 26 September 1963
e. Ciwidey, 24 September 1963
35. Iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang?
a. ti keur TK
b. ti keur SMA 
c. ti keur SD
d. ti keur SMK
e. ti keur SMP
36. Salian ti nulis carpon Cecep Burdansyah kungsi digawe diperkebunan…
a. Teh
b. Kopi
c. Bako
d. Cengkeh
e. Coklat

37. Lalakon hirup anu ditulis atawa dicaritakeun sorangan ku jalmana disebut....
a. biografi
b. geografi
c. otobiografi
d. otografi
e. kaligrafi

Paguneman 
Kang Dadan : Damang, Bi?
Bi Téti : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra téh?
Bi Téti : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha jenenganana?
Bi Téti : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan : Sawangsulna.

38. Dumasar kana eusi paguneman di luhur, rek meuli naon Kang Dadan los-los ka pasar?
a. meuli asin
b. meuli saledri
c. meuli tempe
d. meuli tarasi
e. meuli uyah

39. Saha nu didagoan ku Bi Teti dina paguneman di luhur?
a. salakina
b. dulurna
c. anakna
d. tatanggana
e. nu dagangna

40. Kumaha hubungan tokoh anu aub dina eta paguneman?
a. teu wawuh
b. nu dagang jeung nu meuli
c. kakara panggih
d. wawuh harita di pasar
e. geus wanoh pisan

II. URAIAN

Jawab kalawan bener !

1. Tulis deui aksara swara ieu di handap maké aksara sunda!
(A, I, É, O, U, E, EU)
2. Terjemahkeun kalimah ieu di handap kana aksara latén!

ᮕᮥᮔ᮪ ᮃᮊᮤ ᮔᮥᮏᮥ ᮙᮇᮞ᮪ ᮊᮧᮛᮔ᮪ ᮓᮤ ᮕᮚᮥᮔ᮪

3. Eusian kotak-kotak anu kosong luyu jeung undak usuk basa!
Basa Loma Basa Lemes keur sorangan Basa lemes keur batur
Dahar ……………………….. ………………………..
Datang ……………………….. ………………………..
Bawa ……………………….. ………………………..
Indit ……………………….. ………………………..
Ceuk ……………………….. ………………………..

4. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!
a. Tuang putra 
b. Pun aki

5. Lengkepan paguneman ieu di handap supaya sampurna!

Ojat : Assalamu’alaikum
Dandi : ………………………
Ojat : ……………………..?
Dandi : Pangésto, aya hibar. Sawangsulna?
Ojat : ……………………. Nuhun upami damang mah.
Dandi : Sami-sami.

soal PAS bahasa sunda kelas 10 semester 1












Itulah kumpulanSoal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA/SMK Semester 1 yang sudah kami siapkan. Jangan lupa cek juga soal lainnya yang ada dalam Bangsoal.


Pelajari Juga

soal uts bahasa sunda kelas 10 semester 2 kurikulum 2013

soal bahasa sunda kelas 10 semester 2 kurikulum 2013

soal pas bahasa sunda kelas 11 semester 2

soal bahasa sunda kelas 10 dan kunci jawaban semester 2

soal bahasa sunda kelas 11 tentang sajak

soal pat bahasa sunda kelas 10