Thursday, October 31, 2019

materi dan soal latihan kelas 6 bahasa sunda tema 4 : kalimah barang


Kalimah barang

Titenan kalimah di handap ieu !

hape (hp) teh singgetan tina hand phone

kalimah diluhur di wangun ku jejer, caritaan, jeung katerangan.
Jejerna nyaeta Hape HP teh ,
Caritaanna  nyatea singgetan
Katerangan nyaeta tina hand phone.

Kecap singetan teh kaasup kana warna kecap barang, kalimah anu caritaanna mangrupa kecap atawa runtuyan kecap barang disebutna kalimah barang.

contoh sejen.

1. imahna gedong
2. sapatuna kulit domba
3. meja tulisna teh kai jati
4. dedi teh urang cisewu
5. mobil toyota teh jieunan jepang


kecap anu di hideungan tur di condongkeun nyaeta gedong, kulit domba, kai jati, urang cisewu jeng jijieunan jepang. kasup kana kecap barang. eta kecap barang teh ngabogaa fungsi jadi caritaan. ku kituna, kalimah 1-5 kaasup kana kalimah barang.


latihan
nyusun kalimah
contoh

  • SUZUKI
  • merek mobilna teh suzuki
PANCEN / TUGAS! 
Pigawe kawas contoh
1. SD Rahayu 1
.......................................................................
2. urang ciamis
.......................................................................
3. bu Siska
.......................................................................
4. awi tamiang
.......................................................................
5. karung goni
.......................................................................



JAWABAN : 
1. Susi sakolana di SD Rahayu 1
2. Bu Susi Ramana urang Ciamis
3. Guru anom teh namina bu Siska
4. Bapak ka kebon ngala awi tamiang
5. Bapak ngawadahan sayur ku karung goni