Saturday, November 16, 2019

√ Soal Ulangan Harian bahasa sunda kelas 5 pangajaran 8


soal ulangan harian bahasa sunda kelas 5 pangajaran 7 lengkap terdiri dari soal pilihan ganda dan isian dengan level kesulitan sedang. soal UTS bahasa sunda semester 2. Soal Bahasa Sunda tema Kadaharan.

Pilih jawaban nu bener antara a, b, c, atau d                             

1. Karedok mangrupa kadaharan has …
a.    Jawa barat
b.    Jawa timur
c.    Sulawesi
d.    Madura
2. Anu teu kaasup kana bahan jang nyieun karedok nyaeta …
a.    Kacang panjang
b.    Bonteng
c.    Toge
d.    Paria
3. Sok di dahar jeung naon ari karedok teh …
a.    Kurupuk
b.    Roti
c.    Jus
d.    Bubuahan
4. Inuman sunda teh nyaeta …
a.    Bandrek
b.    Jus
c.    Sirop
d.    Cingcau
5. Kadaharan di handap nu bahanna teu make sampeu nyaeta ..
a.    Combro
b.    Kiripik
c.    Peuyeum
d.    Dodol
6. Lamun urang gering biasana sok ngadahar ..
a.    Bubur
b.    Burayot
c.    Cuhcur
d.    Gemblong
7. Alat nu dipake pikeun ngarendos bahan kanggo karedokeun nyaeta …
a.    Mutu
b.    Cowet
c.    Nyiru
d.    Palu
8. Kiripik taleus dijieuna kucara …
a.    Digoreng
b.    Disangray
c.    Dituuskeun
d.    Digarang
9. tauco kaasup kadaharan has …
a.    cianjur
b.    bandung
c.    sukabumi
d.    medan
10. kadaharan nu sok aya pas lebaran hungkul nyaeta ..
a.    kupat
b.    dodol
c.    colenak
d.    karedok

11. kalua jeruk teh dijueuna tina ..
a.    buah jeruk
b.    cangkang jeruk bali
c.    cai jeruk
d.    kulit jeruk
12. kadaharan anu tara biasa di pais nyaeta …
a.    lauk
b.    oncom
c.    kacang
d.    tahu
13. kadaharan au ngasakannana bisa di beuleum, nyaeta …
a.    cau
b.    jagong
c.    buah
d.    nangka
14. gula kawung dijieuna tina …
a.    cai tiwu
b.    bubuahan
c.    cai lahang
d.    cai atah 
15. nu kaasup kana bahan nyieun tauco nyaeta …
a.    kacang kedele
b.    suuk
c.    lauk
d.    peuyeum

Eusian kalayan singket !
1.    Sok dibarengna kunaon mun ngadahar kiripik    taleus?
2.    Lamun urang jajan karedok, sok di wadahan naon?
3.    Ari kaluateh aya sabaraha rupa ?
4.    Ciri has wewengkon mana ari karedok teh ?
5.    Cangkang kupat dijieuna tina …
6.    Daerah nu sok nyieunan kalua the nyaeta …
7.    Kalua kaasup kadaharan nu sok dijadikeun lalawuh atawa opieun.
  Opieun sarua hartina ejeung ….
8.    Combro singketan tina naon ….
9.    Kadaharan nu amis dijero disebut naon…
10.    Kadaharan nu dijadikeun oleh-oleh khas sukabumi nyaeta …

Eusian pertanyaan di handap !
1.    Kumaha carana nyieun kalua jeruk ? cik pek terangkeun !
2.    Kumaha cara nyieun karedok? Cik pek terangkeun !
3.    Nyieun kalimah tina kadaharan dihandap
a.    Peuyeum 
b.    Combro
4. Kunaon kadaharan atahan teh kudu di kumah samemeh di olah ? pek terangkeun !
5. Sebutkun 3 bahan olahan nu di jieun kiripik !