Friday, November 22, 2019

√ Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 3 Smt 1 Lengkap Terbaru


Soal UTS Bahasa sunda
untuk kelas 3
semester 1 terdiri dari 20 soal

Perhatian !!
Dipersilahkan untuk mengcopy dan tidak diperkenankan untuk memposting ulang. terimakasih.


Tandaan ku cakra ( X ) dina aksara a, b, c atawa d di hareupeun jawaban nu bener !1.    Pupuh pucung nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa . . . .
a.    Ambek    b. Bungah    c. Kasedih    d. Sumanget

2.    Didi ngangon sapi di tegal. Suku kata  tina kecap sapi nyaeta . . . .
a.    Sa-pi    b. Sap-i    c. S-api    d. S-a-p-i

3.    Basa Sunda – diajar – murid kelas 3 – keur.
Kalimah anu merenah keur kecap di luhur nyaeta . . . .
a.    Diajar Basa Sunda keur murid kelas 3.
b.    Murid kelas 3 diajar Basa Sunda keur.
c.    Murid kelas 3 keur diajar Basa Sunda.
d.    Basa Sunda murid kelas 3 keur diajar.

4.    Kecap ( bawa ) make kecap rundayan awalan N- jadi . . . .
a.    Mawa    b. Babawa     c. Nawa    d. Bawaan

5.    Di lembur kuring masih seueur nu ( tani ).
Kecap tani make kecap rundayan awalan Pa- jadi . . . .
a.    Tatani    b. Patani    c. Tani-tani    d. Tanian

6.    Kalimah panyaram aya dina kalimah . . . .
a.    Tong miceun runtah di mana wae!
b.    Abdi moal sakola margi udur.
c.    Icih keur sasapu di buruan.
d.    Rek jam sabaraha indit ka sakola teh?

7.    Galak – sok – Jang – kabatur – ulah.
Kalimah panyaram anu merenah keur kecap di luhur nyaeta . . . .
a.    Galak kabatur sok ulah, Jang!
b.    Jang, ulah galak kabatur sok!
c.    Kabatur sok galak ulah, Jang!
d.    Ulah sok galak kabatur, Jang!

8.    Usum ( musim ) di Indonesia aya dua, nyaeta usum halodo jeung usum . . . .
a.    Hujan    b. Salju    c. Panas    d. Tiris

9.    Dupi jenengan Ibu Guru teh . . . .?
Kecap pananya nu cocog jeung kalimah di luhur nyaeta . . . .
a.    Iraha    b. Saha        c. Di mana    d. Saha

10.    . . . . hargana beas teh ?
a.    Saha    b. Iraha    c. Di mana    d. Sabaraha

11.    Pucung teh ka asup kana . . . .
a.    Puisi    b. Pupuh    c. Dongeng    d. Carita

12.    Unggal subuh . . . . jago kongkorongok.
a.    Hayam    b. Manuk    c. Beurit    d. Doma

13.    Hayam – Shafa – newak
Kalimah basajan nu merenah keur kecap di luhur nyaeta . . . .
a.    Newak Shafa hayam.
b.    Shafa hayam newak.
c.    Newak hayam Shafa.
d.    Shafa newak hayam.

14.    Oray – orayan
Luar – leor mapay sawah
Entong ka sawah
Pare na keur sumedang beukah
Judul kakawihan di luhur nyaeta . . . .
a.    Oray – orayan    b. Sawah    c. Luar – leor    d. Pare

15.    Oray – orayan . . . . mapay sawah.
a.    Leumpang          b. Luar – leor    c. Lumpat    d. Luncat

16.    Pa tani melak pare keur usum . . . .
a.    Panas    b. Hujan    c. Halodo    d. Tiris

17.    Ari diajar teh ulah bari heureuy!
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah . . . .
a.    Pananya    b. Parentah    c. Panyaram    d. Ajakan

18.    . . . . bapak bade angkat ka Bandung teh
a.    Iraha    b. Saha        c. Di mana    d. Kumaha

19.    Di mana sakolana Burhan teh
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah . . . .
a.    Pananya    b. Parentah    c. Panyaram    d. Ajakan

20.    Adi meser jamu rasana meni . . . . pisan.
a.    Amis    b. Pait        c. Haseum    d. Tiis