Wednesday, June 22, 2022

11 - 24 Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2

 11. Nilik kana jenisna, dongéng di luhur téh kaasup kana dongéng …


a. sasatoan b. sajarah c. sasakala d. jalma biasa




 





12. Dumasar kana gambar, dongéng di luhur téh asalna ti daérah…


a. Kota Bandung c. Kabupatén  Bekasi


b. Kabupatén Bandung Barat d. Kabupatén Cianjur




“Héy, aya naon ieu téh, bet karumpul di dieu?” pokna.


“Nu mawi, abdi ngempel di dieu téh ngantosan Juragan gugah. Ieu badé masrahkeun pesenan téa,” ceuk kokolot lembur.


“Oh, heueuh, heueuh. Nuhun, euy. Alus pagawéan téh, kapaké ku kula mah. Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung bari ngilikan useup jeung talina.




13. Sipat hadé Jonggrang Kalapitung nu kapanggih tina dongéng di luhur téh nya éta . . .


a. ngahésékeun c.  heuras genggerong


b. beuki saré d.  daék nganuhunkeun




1) Ngagunakeun sora anu bedas


2) Maham kana eusi dongéng jeung jalan caritana


3) Ngedalkeun kekecapanana béntés


4) Maham kana palaku katut pasipatanana


5) Maham kana hal-hal anu dicaritakeun dina dongéng




14. Pilih hal nu mana waé nu ku urang kudu diperhatikeun upama rék ngadongéng !


a. 1 – 2 – 3 b. 2 – 4 – 5 c. 2 – 3 – 5 d. 3 – 4 – 5 




Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dikebut-kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balébat  di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.


15. Latar tempat nu digunakeun ku Dayang Sumbi basa ngebutkeun boéh rarangna dumasar kana dongéng di luhur nya éta di …


a. gunung b. kebon c. sawah d. laut


Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, rék ngaku salaki. Dayang  Sumbi  rumasa geus kapalang kedal ucap.



 

16. Amanat nu kapanggih tina dongéng di luhur nya éta…


a. lamun boga janji teu kudu dicumponan


b. kudu bisa ngajaga perasaan batur


c. bébas ngucapkeun naon baé ngarah jadi do’a


d. kudu bisa nedunan ucapan nu geus dikedalkeun


beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan


kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan


dibaturan ku sobat ngaran rancatan


anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan


  ….


hiji dua léngkahna teuing ku beurat


aya haté milu lewang paur umurna bret pegat


teuing di mana si Aki tetep nya matuh


boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung


ngan nu nyata kulitna asak kapoé


Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan


Aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan


Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan


Aki! Aki! rék ka mana lamun panonpoé saré


 


17. Judul jeung pangarang sajak di luhur téh nya éta…


a. Aki jeung Balon karya Ami Raksapraja c. Aki jeung Balon karya Yus Rusyana


b. Aki jeung Balon karya Ami Raksanagara d. Aki-aki Dagang Balon karya Ami Raksanagara




18. Panyajak nyaritakeun lalampahan Si Aki ku lantaran …


a. milu ngarasakeun kana nasibna c. reueus kana ketak jeung perjoanganana


b. ngarasa ngéwa kana paripolahna d. resep kana balon




19. Amanat anu hayang ditepikeun ku panyajak dina éta sajak téh nya éta…


a. aki-aki mah geus teu bisa niup


b. barudak kiwari mah geus teu resepeun kana kaulinan baheula 


c. di sabudeureun urang aya jalma anu nasibna goréng 


d. sanajan geus kolot urang kudu tetep daék usaha 




LALAKI NU BALIK JURIT


Karya Rachmat M. Sas Karana


……


Panto hareup ngagerét aya nu muka


Hiji wanoja nu geus aya umurna


Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng


Cimata indung maseuhan buuk anakna


Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh


Wanci layung hurung konéng


Manéhna datang dipapag cimata indung


Sedeng ‘na beungeutna taya kagambar rasa tugenah




20. Jejer dina sajak di luhur nya éta…


a. sosial c.   kapahlawanan


b. kaéndahan alam d.  lingkungan hirup




21. Nu dipapag cimata indung dina sempalan sajak di luhur téh nya éta…


a. lalaki nu bajuna héjo kapulas taneuh c. hiji wanoja nu geus aya umurna


b. lalaki nu bajuna konéng kapulas taneuh d. lalaki nu geus aya umurna sarta teu maké baju 


22. Nu dimaksud purwakanti dina sajak nya éta …


a. tokoh kuring (penyajak) dina sajakna


b. pilihan kecap dina sajak 


c. padeukeutna sora kecap boh di awal, tengah, atawa tungtung 


d. sikep pangarang sajak ka nu macana




Kembang mangkak di buruan


Kembang mangkak dina lamunan


Bulan ieu mah usaha téh pait, taya paleuleuwihna pisan


Paria téh rasana pait, tapi loba nu beuki




23. Kekecapan dina sajak biasana ngagunakeun kecap anu ngandung harti injeuman (konotatif).


Kecap anu miboga harti injeuman (konotatif) dina kalimah di luhur nya éta..


a. kembang, dina kalimah “Kembang mangkak di buruan” jeung Pait, dina kalimah “Paria téh rasana pait, tapi loba nu beuki”


b. kembang, dina kalimah “Kembang mangkak dina lamunan” jeung Pait, dina kalimah “Paria téh rasana pait, tapi loba nu beuki”


c. kembang, dina kalimah “Kembang mangkak dina lamunan” jeung Pait, dina kalimah “Bulan ieu mah usaha téh pait, taya paleuleuwihna pisan”


d. kembang, dina kalimah “Kembang mangkak di buruan” jeung Pait, dina kalimah “Bulan ieu mah usaha téh pait, taya paleuleuwihna pisan”




Sawah ditutugan gunung


Paréna ombak-ombakan


Mangsa méméh layung hurung


Narik ati pamandangan




24. Kecap gunung dina sajak di luhur murwakantina jeung kecap …


a. layung b. hurung c.   ombak d. pamandangan